Wilujeng Boboran Syiam 1429H
Posted by guriang7 dina Séptémber 26, 2008
Assalamualaikum warahmatullahiwabarakatuh
Bismillahirahmanirahim,
Alhamdulillahirabbialamin,
wabihi nastainu ala umuridunya wa diin
wasolatu wasalamu, ala asrofil anbiyai wamursalin
hotamin nabiyina muhammadan abduhu warosuluh
amabadu….
Taqabbalallahu minnaa wa minkum
Wa Ja’alanallahu minal ‘aaidin wal faaizin
Allahummaj’alnaa minas su’adai maqbulin
Wa laa taj’alna minal asyqiyaai mardudinMugi Allah SWT nampi ibadah saum urang sadaya oge mugi Anjeuna ngajatenkeun urang jalmi nu wangsul kana fitrah (kasucian) sareng ngajantenkeun urang jadi manusa nu untung,
Ya Allah, mugi Anjeun ngajantenkeun kami sadayana golongan manusa nu bagja nu ditampi amal ibadahna, sareng ulah dijantenkeun golongan manusa nu cilaka nu ditolak amal ibadahna
baraya, Iedul Fitri 1429 Hijriyah geus meh deukeut, teu karasa ku urang balarea sabulan puasa romadhon teh dilakonan. Mudah-mudahan gemblengan Gusti Allah nu maha suci dina romadhon ngajadikeun urang jalma nu taqwa.
Sugan atuh sabada puasa, KKN teh ulah mahabu deui, nagri urang nanjeur deui dina karaharjaan jeung kaadilan, dina katingtriman tur aman, Gemah ripah loh jinawi (datang ka imah nyi ipah kateunggar awi). Ku kaayaan nagara nu kondusip sugan atuh nu busung lapar bisa kaubaran, nu plu burung bisa cageur, nu bisul cenang sing geura bucat, jrrd.
Tah dina raraga silaturahmi Iedul Fitri ieu sim kuring guriang7, menta dihampura ka baraya nu kasambat, kasambit, kasebut, katulis ku kuring.
Hampura ka mang adeng, arcan iurie tur gendut doni. Ka wasit nu kungsi digoblog-goblog, ka tukang tahu pajajaran nu kungsi katenggor motor kuring basa keur diajar. Ka Iwan Fals, hampura kamari kaset anjeun pagujud dina tip mobil kuring tapi kuring moal meuli deui sabab geus boga mp3-na meunang menta ti babaturan. Oge hampura ka Dian sastro, sabab kuring bogoh kamanehna, tapi hate kuring midua bogoh ka Luna Maya. Wayahna kuring can bisa nyatakeun kacinta kuring, lain teu wani tapi manehna teu kenal ka kuring. Lain kuring teu siap kenal jeung Neng Dian, tapi can siap dicabok.
Hampura ka barudak nu bareng gawe jeung kuring, boh nu elodan, nu omes, oces, nu sok tepak toel heureuy jeung kuring. Hampura oge ka Ivan gunawan jeung kipli sabab anjeun duaan sok disaruakeun jeung Cep Tommy (teu tibalik sugan…).
Hampura ka Kang Ibill (Bill gates) rumasa geus ngagogoreng windows bari dipake (ieu meureun nu disebut dipoyok dilebok teh). Tapi kuring oge nganuhunkeun ka wordpress nu haratis, tur firefox nu beunang didonlod ti langit kamari, Ku ayana anjeun duaan kuring bisa kokojayan di dunya internet, nulis kuma karep ngabangbrangkeun hate. Oge ka Neng Dilla (aldila mahati), nu ngidinan chating bari nyeungseurikeun batur. Ka cep janu atuh hampura, engke mah mun heureuy teh moal loslos urusan jodo, sabab kuring geus bosen ngekeak tapi didinya angger can boga kabogoh.
cag ah… hampura lurrr…
Wassalamualaikum wr. wb.
Like this:
Ieu tulisan dimuat tanggal Séptémber 26, 2008 pukul 10:44 am sarta diberkaskeun dina Kuma karep. Tag: iedul fitri, lebaran. Anjeun bisa nuturkeun sakur pairan ieu tulisan ngaliwatan RSS 2.0 pancingan. Anjeun bisa tinggalkeun pairan, atawa raratmalik tina situs anjeun.