Kuring, calon presiden 2009
Dimuat ku guriang7 dina Séptémber 6, 2008
Geus musibah deui kapal udara urang, Sriwijaya Air Lines ngagurawes kaluar ti landasan.
Nepi ka ayeuna can aya wawar nu resmi pangna eta musibah kajadian. Taun samemeh na Adam air leungit teu kuhanteu, nepi eu kacaturkeun deui. Musibah alatan alam oge teu eureun-eureun, sumatera barat, yogya, manggarai, geus puguh leutak lapindo mah. Musibah teh estuning jiga nu dijieun sorangan.
Ayeuna nagar riceuw alatan harega minyak terus naek, sedengkeun gas elpiji kawilang hese manggih. Dina kawenehan aya oge harega na ngajaul meh-mehan teu kabeuli. Ari urusan kadaharan beda deui. Beas bulog ti operasi pasar, der dicampur ku beas stok heubeul. Nu dijual teu pati hade keur didahar. Tapi cacah mah teu bisa kukumaha, ya didahar wae.
Korupsi mahabu di mana-mana, teu nu leutik teu nu gede. Kabeh pagawe nu boga kawenangan pipiluen korupsi. Deuk pejabat eselon, atawa pagawe saukur nagihan restribusi, milu KKN. Ngan beda gedena jeung mindeng hanteuna.
Tah lantaran kitu, atuh dina taun 2009 ieu, nalika ku ayana pemilu, kuring negeskeun maneh yen kuring deuk nyalonkeun jadi calon presiden. Kukituna aya sababaraha kawijakan nu bakal dilakonan, umpama kuring kapilih.
1. swasembada pangan nu kuat. Sabab nagara urang teh nagara agraris. Sangkan teu kakurangan beas, rahayat kudu bisa adaptasi kadaharan utama beas ka kadaharan nu jadi komoditas pertanian lokal. contona
- pikeun urang subang gaganti beas ku ganas.
- pikeun urang bogor gaganti beas kana taleuspikeun urang kupang gaganti beasna jagong
- pikeun urang cikoneng kana kadongdong
- pikeun urang tasik wayahna beasteh diganti ku payung jeung kelom… (teuing kudu dikumaha tah)
2. Ngaganti sumber daya enerji tina fosil ka sumber daya nu moal beak. Carana, unggal-unggal RT bakal dilengkepan ku Pembangkit Listrik Tanaga Angin. Pikeun ngajaga ambeh pasokan listrik teu pareum alatan euweuh angin, unggal umpi bagilir ngageberan kicir ku hihid.
3. Ngabasmi KKN. Mun seug dibandungan KKN teh ngarugikeun nagara mangmilyar-milyar. Sumber nu dikorowotan tah APBN atawa APBD. Sangkan teu nu KKN ngorowotan duit nagara, APBN/APBD teh moal diitung ku duit tapi ku beubeutian sarupaning hui. Sugan moal aya nu wani KKN ari dibayar ku hui mah. Mun aya pejabat atawa anggota dewan nu wani KKN, tangtuna oge leuwih gampang nyerekna. Teangan wae pejabat nu gawena “prat pret prot” sabab weureu hui, (nu disebat panyawat imbit boson)
Tah, kurang leuwih kitu bae program kuring mah, saeutik, singket, padet, tapi… teu puguh.