Tepas pangriungan…

Tepas pikeun ngabangbrangkeun pikir…

Kawijakan Ekonomi Karahayatan Liwat BLT

Posted by guriang7 dina Agustus 5, 2008

Taun 1938, kurang leuwih 6 bulan sautas perang china, Jepang meunang bancang pakewuh. Nyaeta ekonomi nagara nu mimiti acak-acakan. Kabutuhan hirup pating terekel naek. Anu dagang kabutuhan sapopoe, sabangsaning beas, sayur, bungbuahan teu pati payu lantaran ampir-ampir teu kabeuli. Nu dagang perkakas oge kitu. Atuh nu dagang goyobod euweuh nu meuli lantaran di jepang euweuh nu dagang goyobod. Kitu deui nu dagang putu, surabi, karedok leunca, sabab euweuh nu melak leunca di jepang.

Atuh kumaha pamarentah Jepang nungkulanna. Pamarentah nyieun kawijakan nyaeta “pamarentah kudu ngarojong usaha rahayat nu saluyu jeung potensi rahayatna”. Salah sahijina industri mobil jeung elektronik. Pamarentah jepang malah nyieun pabrik khusus ngawangun sasis mobil. Eta sasis dijual ka suwasta ku cara murah. Atuh pagawean pabrik suwasta kudu ngalengkepan mesin katut karoseri. Hasil tina pamikiran harita bisa ditingali kiwari, Jepang ayeuna ngajago di dunya industri otomotip jeung elektronik.

Pon kitu deui china, anu ngawangun industrina ti taun 50-an. Saprak China ngagabung ka WTO taun 2001, China beuki maceuh dina urusan industri utamana nu make bahan palastik, karet jeung beusi. Najan produkna teu alus-alus pisan tapi kawijakan pamarentah nu ngarojong industri nu basisna ka potensi rahayat estuning bisa ngaronjatkeun ekonomi China. Nu matak teu aneh di China, blok mesin motor, stang, ban dihasilkeun ku pabrik nu sipatna home industri.

Nu kitu meureun nya nu disebut ‘Ekonomi Kerakyatan’ teh. Atuh kumaha di Indonesia ? Ekonomi Kerakyatan teh sakadar teori omongannu dijual ku politisi geuning.

Tapi ulah su’udzon ketah, Pamarentah urang oge diajar tina pangalaman Jepang jeung China. Nyaeta nyieun kawijakan ngaronjatkeun ekonomi rahayat nu dumasar kana potensi rahayat. Minangkana mah ekonomi kerakyatan tea. Kawijakan nu mana tah ?

Kawijakan nu dimaksud teh nyaeta ‘BLT’ (Bantuan Langsung Tunai). Pamerentah ningali potensi nu gede di indonesia, nyaeta Jajaluk. Bongan, bongan dicontoan ku pamarentah nu resep jajaluk ngeclok ka I EM EP. Kacida teuing SBY.

2 Balesan to “Kawijakan Ekonomi Karahayatan Liwat BLT”

  1. denahmad pok

    Heuheuy…. potensi jajaluk! kami mah satuju kana kawijakan be el te teh (ceuk aparat) kusabab asa ngeunah keur kami kana majeg na ari kanu jajaluk mah, piraku kanu haratis kieu ku kami di haratiskeun? kapan salaku aparat , kami boga prinsip paciwit-ciwit lutung alias rek nyiwit gede rek nyiwit leutik sarua jadi lutunggg……!

  2. guriang7 pok

    matak pan aya paribasa “jiga lutung ngagugulung BLT”, heuheuy deudeuh…

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.