Tepas pangriungan…

Teu kapikiran, tagline na naon ?

Archive for August 5th, 2008

Kawijakan Ekonomi Karahayatan Liwat BLT

Posted by guriang7 on August 5, 2008

Taun 1938, kurang leuwih 6 bulan sautas perangĀ  china, Jepang meunang bancang pakewuh. Nyaeta ekonomi nagara nu mimiti acak-acakan. Kabutuhan hirup pating terekel naek. Anu dagang kabutuhan sapopoe, sabangsaning beas, sayur, bungbuahan teu pati payu lantaran ampir-ampir teu kabeuli. Nu dagang perkakas oge kitu. Atuh nu dagang goyobod euweuh nu meuli lantaran di jepang euweuh nu dagang goyobod. Kitu deui nu dagang putu, surabi, karedok leunca, sabab euweuh nu melak leunca di jepang.

Atuh kumaha pamarentah Jepang nungkulanna. Pamarentah nyieun kawijakan nyaeta “pamarentah kudu ngarojong usaha rahayat nu saluyu jeung potensi rahayatna”. Salah sahijina industri mobil jeung elektronik. Pamarentah jepang malah nyieun pabrik khusus ngawangun sasis mobil. Eta sasis dijual ka suwasta ku cara murah. Atuh pagawean pabrik suwasta kudu ngalengkepan mesin katut karoseri. Hasil tina pamikiran harita bisa ditingali kiwari, Jepang ayeuna ngajago di dunya industri otomotip jeung elektronik.

Pon kitu deui china, anu ngawangun industrina ti taun 50-an. Saprak China ngagabung ka WTO taun 2001, China beuki maceuh dina urusan industri utamana nu make bahan palastik, karet jeung beusi. Najan produkna teu alus-alus pisan tapi kawijakan pamarentah nu ngarojong industri nu basisna ka potensi rahayat estuning bisa ngaronjatkeun ekonomi China. Nu matak teu aneh di China, blok mesin motor, stang, ban dihasilkeun ku pabrik nu sipatna home industri.

Nu kitu meureun nya nu disebut ‘Ekonomi Kerakyatan’ teh. Atuh kumaha di Indonesia ? Ekonomi Kerakyatan teh sakadar teori omongannu dijual ku politisi geuning.

Tapi ulah su’udzon ketah, Pamarentah urang oge diajar tina pangalaman Jepang jeung China. Nyaeta nyieun kawijakan ngaronjatkeun ekonomi rahayat nu dumasar kana potensi rahayat. Minangkana mah ekonomi kerakyatan tea. Kawijakan nu mana tah ?

Kawijakan nu dimaksud teh nyaeta ‘BLT’ (Bantuan Langsung Tunai). Pamerentah ningali potensi nu gede di indonesia, nyaeta Jajaluk. Bongan, bongan dicontoan ku pamarentah nu resep jajaluk ngeclok ka I EM EP. Kacida teuing SBY.

Posted in Kuma karep | No Comments »