Tepas pangriungan…

Tepas pikeun ngabangbrangkeun pikir…

Arsip pikeun bulan Agustus, 2008

Kawijakan Ekonomi Karahayatan Liwat BLT

Posted by guriang7 dina Agustus 5, 2008

Taun 1938, kurang leuwih 6 bulan sautas perang china, Jepang meunang bancang pakewuh. Nyaeta ekonomi nagara nu mimiti acak-acakan. Kabutuhan hirup pating terekel naek. Anu dagang kabutuhan sapopoe, sabangsaning beas, sayur, bungbuahan teu pati payu lantaran ampir-ampir teu kabeuli. Nu dagang perkakas oge kitu. Atuh nu dagang goyobod euweuh nu meuli lantaran di jepang euweuh nu dagang goyobod. Kitu deui nu dagang putu, surabi, karedok leunca, sabab euweuh nu melak leunca di jepang.

Atuh kumaha pamarentah Jepang nungkulanna. Pamarentah nyieun kawijakan nyaeta “pamarentah kudu ngarojong usaha rahayat nu saluyu jeung potensi rahayatna”. Salah sahijina industri mobil jeung elektronik. Pamarentah jepang malah nyieun pabrik khusus ngawangun sasis mobil. Eta sasis dijual ka suwasta ku cara murah. Atuh pagawean pabrik suwasta kudu ngalengkepan mesin katut karoseri. Hasil tina pamikiran harita bisa ditingali kiwari, Jepang ayeuna ngajago di dunya industri otomotip jeung elektronik.

Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Kuma karep | Tag: , | 2 Pairan »

 
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.