Tepas pangriungan…

Teu kapikiran, tagline na naon ?

Leptop keur DPR, kunaon heunteu ?

Posted by guriang7 on April 6, 2007

Geus geunjleung deui di DPR urang. Ayeuna nu jadi bukur catur teh urusan Leptop. Kabeh milu mairan, ti mimiti koran lokal, nasional, tipi, tur nepi ka blog. Atuh kuring oge ayeuna pipilueun milu nulis urusan leptop DPR. Naha atuh ? sabab mun nulis sual Rusdi Jeung Misnem, mending meuli we bukuna, teu kudu cape nyieun blogs.

Sautas dipikir jero-jero, dibeuweung diutahkeun deui, sabenerna meuli leptop nu hargana nepi 21 juta, keur anggota dewan teh estuning PENTING. Naon sabab ?

  1. Anggota dewan teh, mangrupa anggota nu terhormat, piraku browsing di internet make komputer kacangan. Komo bari jeung ceting make mIRC, mun teu make leptop moal katingali ku batur ceting yen nu ceting teh anggota nu terhormat tea.
  2. Anggota dewan teh mangrupa VIP. Jadi mun asup situs internet asa teu hade mun teu make leptop, bisi web admin teu nyaho yen nu ngakses teh mangrupa jelema VIP.
  3. “DPR oge jelema” ceuk seurieus mah. Daripada keur rapat dewan katempo teuing sare, saheunteuna layar leptop bisa dipake mindingan beungeut bari angger bisa sare.
  4. Neupi ayeuna can asa fasilitas umum nu bisa ngarojong dewan, samisal “Rental Komputer Khusus Anggota Dewan”.
  5. Leuwih hade mangmeulikeun leptop dari pada mesin tik. Coba wae bayangkeun mun anggota dewan rapat bari mekel mesin tik, karbon jeung stensil. Sajaba gandeng ku sora mesin tik, rapat bakal riceuw ku silih injeum tip-ex jeung koresilaks. Sajaba ti eta teu kacipta engke mun kaluar ti gedung MPR anggota dewan balik bari beungeut ramehong hideung ku karbon.

Bisi hayang apal situs nu sok diakses ku anggota dewan nu terhormat, tah kuring boga conto gambarna. Pek wae tuturkeun rambat ieu… mun hayang atra, klik katuhu tuluy pilih muka dina jandela/tab anyar.

ieu sekrinsut tina situs-situs khusus nu ukur bisa diakses mun make leptop.

Tah ieu situs google khusus DPR

 

Akibat teu make leptop, nyusahkeun !eusi imel dina yahuu!

5 Responses to “Leptop keur DPR, kunaon heunteu ?”

  1. dediependi Says:

    he..he..he… satuju akang, upami abdi janten anggota DPR ku jaman ayeuna tinangtos ararisin upami teu gaduh laptop, “maenya si tukul bae boga ari kuring heunteu…” keun bae ngeunaan biayamah da geus aya nu ngatur.. kajeun teuing rakyat sangsara atawa kalaparan nu penting kuring gaya…kitu sanes..

  2. guriang7 Says:

    nya kitu kan dedieependi, upama teu dibekelan leptop, bisi kuring teu apal aya anggota dewan nu maca blog kuring heheheh.. ke mah mun kapanggih anggota dewan asup ka blog kuring, deuk make upacara adat sakalian sugan. hehehe…

  3. jurig Says:

    hehehe … hebat euy si akang … tiasa gaduh skrinsyut-na dpr …

  4. guriang7 Says:

    heuheu… hatur lumajeng lah kang.

  5. liezmaya.web.id Says:

    aduh kang Dedi ni kitu pisan ih….
    eu geuning da kumahanya eta laptop teh saur simkuringmah mubajir…:D, gagayaan w wungkul ciga monyet ngagugulung kalapa keur sabagianmah hehe

Leave a Reply

XHTML: You can use these tags: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>