Tepas pangriungan…

Tepas pikeun ngabangbrangkeun pikir…

Arsip pikeun bulan April 2007

Leptop keur DPR, kunaon heunteu ?

Dimuat ku guriang7 dina April 6, 2007

Geus geunjleung deui di DPR urang. Ayeuna nu jadi bukur catur teh urusan Leptop. Kabeh milu mairan, ti mimiti koran lokal, nasional, tipi, tur nepi ka blog. Atuh kuring oge ayeuna pipilueun milu nulis urusan leptop DPR. Naha atuh ? sabab mun nulis sual Rusdi Jeung Misnem, mending meuli we bukuna, teu kudu cape nyieun blogs.

Sautas dipikir jero-jero, dibeuweung diutahkeun deui, sabenerna meuli leptop nu hargana nepi 21 juta, keur anggota dewan teh estuning PENTING. Naon sabab ?

  1. Anggota dewan teh, mangrupa anggota nu terhormat, piraku browsing di internet make komputer kacangan. Komo bari jeung ceting make mIRC, mun teu make leptop moal katingali ku batur ceting yen nu ceting teh anggota nu terhormat tea. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Kuma karep | Tag: , , | 5 Pairan »