Tepas pangriungan…

Teu kapikiran, tagline na naon ?

Syukuran Tujuhwelasan

Posted by guriang7 on August 18, 2006

Mang Ino urang Ciendog, pagawean dagang endog di pasar inpres. Daganganna sajaba ti endog hayam nagri, hayam kampung, endog meri oge endog puyuh. Unggal poe pabeubeurang mayar retribusi pasar. Ari isuk-isuk sabada dadasar, geus nyetor duit kaamanan ka jeger pasar sarebu perak. Jang Suud, pituin Cibodas, diparengkeun meunang ngojeg di parapatan komplek imah elit di Bandung. Unggal poe nambangan, nganteurkeun langganan ka tujuan, boh kantor, pasar atawa ka sakola. Unggal pabeubeurang, sabada nganteur-nganteur budak sakola nyetor duit kaamanan sarewu limaratus perak sapoe ka pulisi nu matuh ngaliwat ka komplek.

images5.jpgCep Robi pangusaha kontraktor bangunan. Geus sapuluh tahun kabagaean ngabangun jalan, jambatan, sd, proyek ti pamarentah. Unggal taun Cep Robi mayar pajeg. Taun ieu keur nganggeuskeun proyek jambatan Cihuni. Memeh dibayar duit proyek cep Robi sok misah-misah duit dina amplop coklat, keur komite nu ngurus keuangan nagara sapersen, Pajabat nu nyieun komitmen salapan persen, muatan-muatan sabangsanin administrasi tujuh persen. Sakapeung sok nyiapkeun duit pikeun taki-taki bisi aya nu ngaku-ngaku wawakil rahayat –padahal manehna teu milih eta wawakil– mariksa pagawean ngawangun jambatan. Sok asa waas mun teu diongkosan balikna, sieun nambah pagawean di komisi wawakil rahayat. Der jadi bahan rapat komisi kuriak panjang dongeng loba persen.

Basa Tujuhwelasan kamari –taun 2006–, alhamdulillah, Mang Ino, jang Suud, Cep Robi, merdeka sakedapan mah…. Teu mikiran retribusi, teu mikiran duit kaamanan, teu mikiran ongkos-ongkos proyek. Nimat dahar, nikmat sare, tiis ceuli herang mata. Teu aya nu majeg mang ino pedah meunang balap karung bapa-bapa sakampung. Teu kudu mayar duit kaamanan, najan Jang Suud meunang sapatu dina balap naek jambe. Pon kitu deui Cep Robi teu pusing ku persan persen abong juara harepan lomba karaoke saerwe.

Bangsa nu merdeka

Ceuk Bung Karno, nandeskeun yen ciri bangsa nu merdeka teh upama geus “Berdikari ekonomina, nanjeur budayana, mandiri pulitikna”. Ekonomi urang ayeuna jauh tina sifat berdikari, piraku we nyusun anggaran nagara kudu disaluyuan ku I em Ep. Naon maksudna pripatisasi, mun lain usaha pikeun ngawasa usaha-usaha nagara nu potensial ku pihak asing.

Kitu deui jeung budaya urang. Ciuman nu saukur dina tipi geus jadi ilahar pikeun barudak ngora. Jigana bobogohan mun teu nyium teh panasaran. Palentin, geus jadi bukur catur ti puluhan taun katukang ngondang polemik nu teu anggeus. Taun kamari, basa balik ngantor naek angkot sagigireun aya barudak ngora keur ngomongkeun acara helowin. Gusti… jurig nu biasana dititah nyingkah –kasabarang ka palembang– singhoreng ayeuna mah dipieling barudak, hayang jiga jurig.

Pulitik di nagara urang oge teu mampuh nanjeurkeun jati diri pulitik Indonesia nu mandiri. Loba kawijakan-kawijakan interen nagara urang nu diprotes ku nagara sejen. Ti mimiti urusan timor timur, papua, hukuman pati Tibo, abu bakar baasyir, jrrd.

Peuting basa tujuhwelasan, geus matuh botram jeung tatangga, ngariung syukuran dipingpin ku erwe make sepeker. Kurunyung si Ema mawa kupat jeung kari hayam. Ceuk kuring ka ema “Ma.. naha jiga lebaran make kupat, geuning tumpengna mana ?“.Ema ukur ngawaler “Geus merdeka sujang, deuk dahar mah naon bae moal moal diudag ku walanda atawa ku nipon“. Sapeutingan mah suka bungah jeung tatangga balakecrakan nikmat pisan, Kupat ditukeuran jeung sangu liwet meunang Ceu Ati, ase cabe ditukeuran jeung goreng asin ti pa RT. Ceker hayam diagehkeun keur si manis ucing bikang nu hideung meles… merdekaaa manis..

Leave a Reply

XHTML: You can use these tags: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>