Mang Ino urang Ciendog, pagawean dagang endog di pasar inpres. Daganganna sajaba ti endog hayam nagri, hayam kampung, endog meri oge endog puyuh. Unggal poe pabeubeurang mayar retribusi pasar. Ari isuk-isuk sabada dadasar, geus nyetor duit kaamanan ka jeger pasar sarebu perak. Jang Suud, pituin Cibodas, diparengkeun meunang ngojeg di parapatan komplek imah elit di Bandung. Unggal poe nambangan, nganteurkeun langganan ka tujuan, boh kantor, pasar atawa ka sakola. Unggal pabeubeurang, sabada nganteur-nganteur budak sakola nyetor duit kaamanan sarewu limaratus perak sapoe ka pulisi nu matuh ngaliwat ka komplek.
Cep Robi pangusaha kontraktor bangunan. Geus sapuluh tahun kabagaean ngabangun jalan, jambatan, sd, proyek ti pamarentah. Unggal taun Cep Robi mayar pajeg. Taun ieu keur nganggeuskeun proyek jambatan Cihuni. Memeh dibayar duit proyek cep Robi sok misah-misah duit dina amplop coklat, keur komite nu ngurus keuangan nagara sapersen, Pajabat nu nyieun komitmen salapan persen, muatan-muatan sabangsanin administrasi tujuh persen. Baca tuluyan ieu tulisan »