Tepas pangriungan…

Teu kapikiran, tagline na naon ?

Strategi pikeun PERSIB sangkan juara

Posted by guriang7 on August 15, 2006

Wasit goblogg…. wasit goblogg…. angger ari geus nyarekan wasit teh. Hariwang mun ningali PERSIB maen, seug teh eleh, salian ti wasit digoblog-goblog, barudak sakola, ibu-ibu nu balanja, pagawe, teu jongjon, sok gancang muru balik sieun kapegat ku bobotoh.

108persib.gifLiga Indonesia taun kamari, prestasi PERSIB estuning nguciwakeun.  Atuh naon sakuduna nu dipilampah PERSIB, supaya bisa ngaronjatkeun prestasi sangkan bisa jadi juara. Konci utama aya dina stratehi. Sanggeus dipikir-pikir, Bandung teh ngabogaan tatali bathin nu kuat jeung walanda. Jadi asa kurang pas mun palatih PERSIB teh Arcan Iurie anu urang Moldova tea.

Kamari ngingkig ka walanda make sendal oge nepi ngan kudu diuk dina korsi kapal terbang. Ngahaja taya lian deuk neang babaturan Olabh Van de Boregh. Manehna pelatih walanda, baheula ngalatih Ajag — lain AJAX  matak omat ulah aya nu nyoba-nyoba neangan ieu ngaran, boh dina gugel, yahu, jsbe, komo ngahaja indit jiga kuring, moal kapanggih sabab euweuh ngaran eta. Ceuk meunir Olabh nu bapa na kungsi cicing di Bandung, PERSIB kudu ngamangpaatkeun stratehi kumpeni basa ngajorag indonesia. Stratehi nu bisa dipake nyaeta:

  • DEVIDE ET IMPERA.

Stratehi pecah belah atawa pulitik adu domba. Ieu stratehi ampuh kumpeni ku jalan misah-misahkeun kakuatan musuh. Mun perlu papada baturna diadukeun ku jalan mere isu-isu pulitik. PERSIB bisa ngalarapkeun stratehi ieu, contona: Yaris kudu bisa ngadeukeutan kiper PSIS bari ngaharewos, “kang kabogohna kamari kapanggih pakaleng-kaleng jeung tangkal duren”. atawa deukeutan striker persija, harewoskeun bae “tong daek deukeut jeung si ortisan , keur kababayan bau…”.

Cara sejen nyaeta, kusabab ngarana pulitik adu domba, kabeh bek PERSIB kudu bari nunungtun domba, sugan moal aya nu wani deukeut-deukeut ka gawang PERSIB sabab sieun disuruduk domba. Mun euweuh domba, nya pulitik adu dogong bisa dipake. Pelatih nu cocok pikeun stratehi ieu nyaeta Adeng Hudaya, nu asli urang cikandang garut, tangtos anjeunna tos uninga kana urusan ngurus….. domba (hampura ulah ngambek mang).

  • JALAN RAYA POS DAENDELS

Basa Daendels nyieun proyek Jalan Raya Pos ti Anyer - Panarukan taun 1808 (harita mah euweuh nu paboro-boro ngudag proyek, jiga anyeuna). Daendels ngandelkeun mobilisasi rahayat sapanjang anyer-panarukan, dina jero sataun jalan leuwih ti 1000 KM geus jadi. Ku kituna PERSIB bisa nyonto ieu stratehi Daendels. Carana, kabeh pamaen ngajajar ti gawang sorangan nepi ka gawang musuh, atawa disebut ku pola 1-1-1-1-1-1-1-1-1-1-1. Salian ngagampangkeun proses komunikasi antara pamaen, pamaen oge teu cape lumpat sabab kabeh pamaen ngantai.

  • CULTUUR STELSEL

Gupernur jendral Van Den Bosch nekenkeun Cultuur Stelsel ti taun 1830 - 1870. Inti tina cultuur stelsel nyaeta, pajeg rahayat keur kumpeni ceuk sakaol mah disebutna ‘ngareding’. Pikeun PERSIB, stratehi ieu lain pagawean jore-jore, ieu pagawean kawilang bangga. Kahiji PERSIB kudu boga marketing nu gawena ngajualan barang ka pamaen-pamaen kleub sejen ku jalan dianjukkeun. Marketing teu kudu nagih eta nu nganjuk, antep bae. Dina prung waktuna tanding, pamaen PERSIB dibekelan cutatan anjukan pamaen lawan. Terus sina nagihan anjukan pamaen lawan istilah elitna mah debt kolektor. Dijamin pamen lawan absen kabeh sabab sieun ditagih. Kusabab lawan pamaenna absen, tinangtu pertandingan jadi bolay alias WO.

Tah eta stratehi haratis ti kumpeni. Sanajan kitu taktage ka PERSIB poma ulah coba-coba ngalarapkeun eta stratehi sabab can tangtu bisa dipake, kunaon ?. Stratehi Devide et impera bakal ngabangkrutkeun tukang dagang domba di garut. Jeung BLI can tangtu satuju domba miluan maen, sabab di makasar, di semarang, surabaya can tangtu boga domba adu pikeun ngalayanan PERSIB.

Stratehi Daendels najan lohis tapi minculak, sabab maenya deuk mengbal jiga deuk maen tarik tambang !. Pon kitu deui jeung stratehi cultuur stelsel, tangtu PERSIB bakal di demo ku tukang kiridit ti tasik, sabab geus ekpansi kana ladang usaha sejen. Kawas nu euweuh deui pagawean….

3 Responses to “Strategi pikeun PERSIB sangkan juara”

  1. Eka Says:

    Hahahah. Kacida ieu mah “stratehi” teh. Cik atuh cobian Kang, ajukeun proposalna ka pengurus Persib. Saha nu terang di…talipung… Heheh.

    Diantos seratan nu sanesna. :)

  2. dediependi Says:

    anu leuwih dahysat mah make strategi 9-1, nyaeta salapan urang maturan kiper tina gawang, trus hiji penyerang cicing di tengah lapang jang ngagunakeun jurus serangan balik… aman tah gawang persib nya…

  3. guriang7 Says:

    Tapi syukur baraya, geuning persib nu urang teh ayeuna jawara kelasemen, mudah2an jadi jawara liga taun ieu nya..

Leave a Reply

XHTML: You can use these tags: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>