Ooooo…. Euhmmm….
Posted by guriang7 on August 15, 2006
Reporter : Cobi manawi eeuu… bapa tiasa ngajentrekeun waktos ngalaman tsunami ?
Nu diwawancara : Janten kieu neng, harita bapa nuju maraban munding, ti kaler emana barudak lulumpatan bari cocorowokan… aya lambak, aya lambak, caah… caah.. caahh.. lini.. lini tulung, sunamiiii…. ah pokona sagala musibah disebut we neng.
Reporter : euhhmmm…
Nu diwawancara : teras wae abdi oge ngiring lumpat neng, teu emut ka si layung mah
Reporter : Oooo..
Nu diwawancara : eneng terang teu si layung ? muhun eta munding abdi nu nuju diparaban tea.
Reporter : euhmmm… kitu nya (bari lempeng)
Nu diwawancara : abdi teh, teras we lumpat neng sakalumpat lampet, paudag-udang jeung emana barudak. Untung harita barudak nuju aya di ninina di garut, janten aman teu kua-kieu, ngan munding tujuh neng hawatos kacandak palid.
Reporter: euhmmm… (masih lempeng)
Nu diwawancara (bari hemeng lantaran si eneng reporter ukur euhmm… jeung ooo…, tungtunga dihajakeun) : tah janten barudak mah teu kua-kieu tapi abdi neng kutu kuya…
Reporter : euhmm…… (beuki tarik euhmmmm na teh)
Nu diwawancara: basa bapa kabanting ku caah, saleresna suku bapa nu kenca teh nuju ateul pas bade digaro pisan. bapa kabanting, suku teh potong neng, ayeuna duka dimana eta suku kenca teh.
Reporter : Ooooo…
Nu diwawancara: ayeuna ku bapa deuk dipilarian neng, lebar mangkaning deuk digaro eta suku kenca teh neng (bari rada keuheul !), tah neng oge kan mungpung aya di tipi, bapa amanat ka munding, sing sabar wae mun… ulah barang hakan nu lian-lian sabangsaning kuya batok, berenuk, botol inuman, sabab can tangtu bisa dihakan da bapa oge nu ngangon hidep teu bisa..
Reporter: ehmmm…
Nu diwawancara (garo-garo teu ateul ningali reporter geulis bahenol ukur euhmmm jeung oooo…)
Reporter: muhun kitu wae abdi neng mencrang ngalaporkeun ti pangandaran pikeun tipi nu maneuh tea.
Lain sapira
Perkara Oooo… jeung euhmmm… si eneng teh sabenerna lain perkara sapira. ieu mah conto leutik nu sempet katitenan basa nongton warta dina salah sahiji tipi suwasta. Lain hiji dua reporter tipi urang mun ngawawancara ukur bisa ngomong euhmmm atawa Oooo…. ceuk teori konseling mah dina elmu psikologi, eta nunjukeun yen nu nanya sabenerna kurang nanggepan nu ditanya. Ngarespon sahayuna wae alias ‘ala kadarnya’, asal disada ambeh teu katempo cicing teuing. Boa teuing ngarti boa henteu. Teu ngajiwaan naon nu keur didongengkeun ku nu diwawancara. Ngawawancara ukur ngudag target pikeun meunang berita. Peunteun pikeun bobot berita najan kawilang lumayan atawa aktual, hanjakal kualitas repotasena nguciwakeun.
Mun seug nongton wawancara Oprah, coba wae titenan ku urang cara manehna ngawawancara. Oprah kaasup carang, malah dina lolobana tara ngagunakeun kecap ehmmm… atawa ooo… pikeun nanggepan omongan nu diwawancara. Oprah loba make kecap “I see” atawa “you must be kidding”, atawa “Not joking !”, atawa oge “amazing.. and you can survive right?”… mun ditarjamahkeun bebas na mah kieu meureun “kaharti, kaharti pisan…” atawa “wah… heureuy siah, tong heureuy bisi dicekek…”, “baleg yeuh, tong ngawaduk teu nyaho kuring mantan jeger..!”, atawa oge “edan oge maneh cacakan beungeut mah jiga nu bodo, tapi… belegug…” kitu meureun eta oge.
Naha ukur reporter tipi eta wungkul,.. ih sok suudon ari taeun teh !, artis oge aya nu nanggepan kawijakan sahayuna. Nolak RUU anti pornografi lantaran teu panuju kana eusina tapi panuju yen pornografi kudu dileungitkeun. Atuh ari teu panuju eusina mahgampang ari kitu mah, protes we atuh make judul “Revisi deui RUU APP”. Apan beda kecap nolak jeun revisi, jadi antara pola pikir jeung ucapan teu patukang tonggong. Ieu oge nunjukeun yeun Oneng cs. nanggepan situasi sahayuna wungkul, ukur mikirkeun cara ngabolaykeun tapi teu neangan solusi. Sajaba ti artis tur reporter tadi, aya oge kawijakan pamarentah nu dijieun sahayuna teu mikirkeun balukarna pikeun kahareupeun. Ti mimiti dana subsidi langsung anu ngondang polemik. Naha enya eta duit 300 rebu teh bakal bisa ngadorong hirup huripna rakyat kahareupna ?, Naha ngajamin bakal dipake keur modal, teu kana kabutuhan poko ?, nepi iraha, jrrd. Atawa soal UAN anu patukang tonggong jeung KBK. Ongkoh kompetensi siswa dironjatkeun ku jalan sakola kudu ngarojong kompetensina. Ari kompetensina dina basa atawa sastra tapi kalulusana ditangtukeun ku matematik. atawa sabalikna, kompetensina dina IPA tapi teu lulus alatan basa inggris balelol. Ibarat nitah kuda lumpat, tapi buntutna ditalian. Kawijakan-kawijakan nu model kitu pabalatak di nagri urang. Ningalikeun yen sabenerna kawijakan teh teu soson-soson dipikiran ku pamarentah. Mun serieus dipikiran, naha kasus model UAN, jeun nu sejenna bisa kajadian ?
Mun didinya nanya ka kuring, “naha atuh lain kuring nu nyieun kawijakan atawa nu mikiran ?”. Sabab mun kuring nu nyieun kawijakan, pamarentah can tangtu bisa ngurus blog ieu, lebar geus mah blogs teh eusina pabalatak teu puguh ke tambah acak-acakan. Jeung barina oge can tangtu bisa ngeusiana sabab, najan IT geus dikekeprak ka pamerentah-pamarentah daerah ngaliwatan sumanget e-government tea, tapi e-gov pikeun pemda depinisina karek nepi ka website. Blog mah can ka agehan dina DUP/DIPA na. Atawa bisi aya nu deuk meupeuskeun rekor web site 2 miliar, tah ayeuna nyieun blog 2 miliar… pek ah moal miluan.
April 10, 2007 at 4:59 am
ooooooooh…..ehmmmmm…kitunya…..oooh (bari unggut-unggutan)
September 5, 2007 at 9:26 am
Assalmu’alaikum…
simkuring bade nyampeur kangge ngadubako di http://www.ngariung.com kangge ngamumule budaya sunda
Nuhun ah, diantos pisan
partisipasina
July 28, 2008 at 7:32 am
Tos lami nya teu di update. Kedahna mah unggal dinten Ki Dulur…
Tapi ieu ge tos sae,da. Salam ah ti pribados nu sok ngajajapkeun majalah Mangle ka bumi.