Tepas pangriungan…

Tepas pikeun ngabangbrangkeun pikir…

Arsip pikeun poé 15 Agustus 2006

Strategi pikeun PERSIB sangkan juara

Dimuat ku guriang7 dina Agustus 15, 2006

Wasit goblogg…. wasit goblogg…. angger ari geus nyarekan wasit teh. Hariwang mun ningali PERSIB maen, seug teh eleh, salian ti wasit digoblog-goblog, barudak sakola, ibu-ibu nu balanja, pagawe, teu jongjon, sok gancang muru balik sieun kapegat ku bobotoh.

108persib.gifLiga Indonesia taun kamari, prestasi PERSIB estuning nguciwakeun. Atuh naon sakuduna nu dipilampah PERSIB, supaya bisa ngaronjatkeun prestasi sangkan bisa jadi juara. Konci utama aya dina stratehi. Sanggeus dipikir-pikir, Bandung teh ngabogaan tatali bathin nu kuat jeung walanda. Jadi asa kurang pas mun palatih PERSIB teh Arcan Iurie anu urang Moldova tea.

Kamari ngingkig ka walanda make sendal oge nepi ngan kudu diuk dina korsi kapal terbang. Ngahaja taya lian deuk neang babaturan Olabh Van de Boregh. Manehna pelatih walanda, baheula ngalatih Ajag — lain AJAX matak omat ulah aya nu nyoba-nyoba neangan ieu ngaran, boh dina gugel, yahu, jsbe, komo ngahaja indit jiga kuring, moal kapanggih sabab euweuh ngaran eta. Ceuk meunir Olabh nu bapa na kungsi cicing di Bandung, PERSIB kudu ngamangpaatkeun stratehi kumpeni basa ngajorag indonesia. Stratehi nu bisa dipake nyaeta: Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Kuma karep | Tag: , , | 3 Pairan »

Ooooo…. Euhmmm….

Dimuat ku guriang7 dina Agustus 15, 2006

pangandaran10a.jpg Reporter : Cobi manawi eeuu… bapa tiasa ngajentrekeun waktos ngalaman tsunami ?

Nu diwawancara : Janten kieu neng, harita bapa nuju maraban munding, ti kaler emana barudak lulumpatan bari cocorowokan… aya lambak, aya lambak, caah… caah.. caahh.. lini.. lini tulung, sunamiiii…. ah pokona sagala musibah disebut we neng.

Reporter : euhhmmm…

Nu diwawancara : teras wae abdi oge ngiring lumpat neng, teu emut ka si layung mah

Reporter : Oooo..

Nu diwawancara : eneng terang teu si layung ? muhun eta munding abdi nu nuju diparaban tea.

Reporter : euhmmm… kitu nya (bari lempeng)

Nu diwawancara : abdi teh, teras we lumpat neng sakalumpat lampet, paudag-udang jeung emana barudak. Untung harita barudak nuju aya di ninina di garut, janten aman teu kua-kieu, ngan munding tujuh neng hawatos kacandak palid.

Reporter: euhmmm… (masih lempeng)

Nu diwawancara (bari hemeng lantaran si eneng reporter ukur euhmm… jeung ooo…, tungtunga dihajakeun) : tah janten barudak mah teu kua-kieu tapi abdi neng kutu kuya…

Reporter : euhmm…… (beuki tarik euhmmmm na teh)

Nu diwawancara: basa bapa kabanting ku caah, saleresna suku bapa nu kenca teh nuju ateul pas bade digaro pisan. bapa kabanting, suku teh potong neng, ayeuna duka dimana eta suku kenca teh.

Reporter : Ooooo…

Nu diwawancara: ayeuna ku bapa deuk dipilarian neng, lebar mangkaning deuk digaro eta suku kenca teh neng (bari rada keuheul !), tah neng oge kan mungpung aya di tipi, bapa amanat ka munding, sing sabar wae mun… ulah barang hakan nu lian-lian sabangsaning kuya batok, berenuk, botol inuman, sabab can tangtu bisa dihakan da bapa oge nu ngangon hidep teu bisa..

Reporter: ehmmm…

Nu diwawancara (garo-garo teu ateul ningali reporter geulis bahenol ukur euhmmm jeung oooo…)

Reporter: muhun kitu wae abdi neng mencrang ngalaporkeun ti pangandaran pikeun tipi nu maneuh tea.

Lain sapira

Perkara Oooo… jeung euhmmm… si eneng teh sabenerna lain perkara sapira. ieu mah conto leutik nu sempet katitenan basa nongton warta dina salah sahiji tipi suwasta. Lain hiji dua reporter tipi urang mun ngawawancara ukur bisa ngomong euhmmm atawa Oooo…. ceuk teori konseling mah dina elmu psikologi, eta nunjukeun yen nu nanya sabenerna kurang nanggepan nu ditanya. Ngarespon sahayuna wae alias ‘ala kadarnya’, asal disada ambeh teu katempo cicing teuing. Boa teuing ngarti boa henteu. Teu ngajiwaan naon nu keur didongengkeun ku nu diwawancara. Ngawawancara ukur ngudag target pikeun meunang berita. Peunteun pikeun bobot berita najan kawilang lumayan atawa aktual, hanjakal kualitas repotasena nguciwakeun.

oprah.jpgMun seug nongton wawancara Oprah, coba wae titenan ku urang cara manehna ngawawancara. Oprah kaasup carang, malah dina lolobana tara ngagunakeun kecap ehmmm… atawa ooo… pikeun nanggepan omongan nu diwawancara. Oprah loba make kecap “I see” atawa “you must be kidding”, atawa “Not joking !”, atawa oge “amazing.. and you can survive right?”… mun ditarjamahkeun bebas na mah kieu meureun “kaharti, kaharti pisan…” atawa “wah… heureuy siah, tong heureuy bisi dicekek…”, “baleg yeuh, tong ngawaduk teu nyaho kuring mantan jeger..!”, atawa oge “edan oge maneh cacakan beungeut mah jiga nu bodo, tapi… belegug…” kitu meureun eta oge.

Naha ukur reporter tipi eta wungkul,.. ih sok suudon ari taeun teh !, artis oge aya nu nanggepan kawijakan sahayuna. Nolak RUU anti pornografi lantaran teu panuju kana eusina tapi panuju yen pornografi kudu dileungitkeun. Atuh ari teu panuju eusina mahgampang ari kitu mah, protes we atuh make judul “Revisi deui RUU APP”. Apan beda kecap nolak jeun revisi, jadi antara pola pikir jeung ucapan teu patukang tonggong. Ieu oge nunjukeun yeun Oneng cs. nanggepan situasi sahayuna wungkul, ukur mikirkeun cara ngabolaykeun tapi teu neangan solusi. Sajaba ti artis tur reporter tadi, aya oge kawijakan pamarentah nu dijieun sahayuna teu mikirkeun balukarna pikeun kahareupeun. Ti mimiti dana subsidi langsung anu ngondang polemik. Naha enya eta duit 300 rebu teh bakal bisa ngadorong hirup huripna rakyat kahareupna ?, Naha ngajamin bakal dipake keur modal, teu kana kabutuhan poko ?, nepi iraha, jrrd. Atawa soal UAN anu patukang tonggong jeung KBK. Ongkoh kompetensi siswa dironjatkeun ku jalan sakola kudu ngarojong kompetensina. Ari kompetensina dina basa atawa sastra tapi kalulusana ditangtukeun ku matematik. atawa sabalikna, kompetensina dina IPA tapi teu lulus alatan basa inggris balelol. Ibarat nitah kuda lumpat, tapi buntutna ditalian. Kawijakan-kawijakan nu model kitu pabalatak di nagri urang. Ningalikeun yen sabenerna kawijakan teh teu soson-soson dipikiran ku pamarentah. Mun serieus dipikiran, naha kasus model UAN, jeun nu sejenna bisa kajadian ?

Mun didinya nanya ka kuring, “naha atuh lain kuring nu nyieun kawijakan atawa nu mikiran ?”. Sabab mun kuring nu nyieun kawijakan, pamarentah can tangtu bisa ngurus blog ieu, lebar geus mah blogs teh eusina pabalatak teu puguh ke tambah acak-acakan. Jeung barina oge can tangtu bisa ngeusiana sabab, najan IT geus dikekeprak ka pamerentah-pamarentah daerah ngaliwatan sumanget e-government tea, tapi e-gov pikeun pemda depinisina karek nepi ka website. Blog mah can ka agehan dina DUP/DIPA na. Atawa bisi aya nu deuk meupeuskeun rekor web site 2 miliar, tah ayeuna nyieun blog 2 miliar… pek ah moal miluan.

Dimuat dina Kuma karep | 4 Pairan »

Milangkala Pramuka Ka-45

Dimuat ku guriang7 dina Agustus 15, 2006

lambang gerakan pramukaTanggal 14 Agustus 2006 mangkukna, mangrupa tanggal karamat pikeun gerakan kapramukaan di Indonesia. Dina tanggal eta sakabeh orhanisasi pandu sa-Indonesia, tungtunga ngikrarkeun diri pikeun ngahiji dina hiji iketan kapanduan anu dibere ngaran (Praja Muda Karana).

Lambang pramuka mangrupa kitri (sirung kalapa), naon pangna kitri dipilih jadi lambang pramuka, ceunah yen kabeh bagean tina kalapa loba mangfaatna, mimiti tina akar, buah na, batok kalapa, tapas, daun kalapa, tur nyere na. naon atuh nu jadi harepan sabenerna ti pramuka ? nyaeta taya lian ti guna pramuka nu jiga kalapa, ti handap nepi ka luhur. Tapi naha enya pramuka geus boga mangfaat jiga kalapa ? pikeun dirina mingkin bae tapi di mana peran Pramuka saenyana?

Kiwari Pramuka lir maung tanpa sihung. Baheula jaman kuring keur budak, nu ngarana kagiatan pramuka teh bener-bener di udag ku barudak. Milu Pramuka teh loba resepna, jeung jadi Pramuka harita mah diajenan ku budak sejen nu teu milu Pramuka. Eta baheula, basa kuring SD tur nepi SMP. Kuring SMA taun 90, mimiti ningali ajen Pramuka mimiti turun. Eta geus katingali, ku ayana gerakana Pramuka nu paksakeun. Naon cirina ?

  1. Mimiti ti budak sakola nu kudu make baju pramuka unggal poe jumaah sanajan lain anggota Pramuka. Padahal Pramuka mah mangrupa gerakan nu sifatna suka rela. Naha atuh beut kudu dipake? bisa jadi alabatan kawijakan bisnis sakola, soal kaen. Untung tina jualan kaen keur baju sakola matak uruy pikeun sakola mah.
  2. Pramuka teu independen sakumaha cita-cita boden powell. Dina acara-acara Pramuka, sakapeung aya Pramuka kajajaden, nyaeta pejabat-pejabat nu ujug-ujug make baju Pramuka tuluy ngaresmikeun acara. Hal ieu pikeun kuring teu leuwih ti kapentingan pulitis pejabat (atawa pramuka ambeh gampang meunang dana). Duka teuing ari pejabat nu di simpen dina posisi penting dina struktur Kapramukaan aya kapentingan pulitis? teuing ah etana pek bae jadi pikiraneun pangurus kwarnas/kwarda. (pananya kuring teu kudu ditanggepan, pek wae nulis blog sorangan soal eta deuk protes oge kajeun).

Pramuka leungiteun arah

Lord Bodenpowel Ceuk saha ? ah eta we tingali tina lambangna. Lambang Pandu/Scout di nagara sejen mangrupa anak panah kompas. (enya emang lambang scout arab tangkal kurma, tapi wangun rupana jiga panunjuk arah). Artina yen scout kudu jadi pamandu arah pikeun nu sejen. Arah beberan, arah kaadilan, arah kamerdekaan, arah perjuangan, sakabeh arah pikeun nanjeurkeun beberan. Kukituna scout atawa pandu sorangan kudu ngabogaan arah, artina ngabogaan jati diri. Coba wae deuk di darat, di laut, di alak paul, kompas dibutuhkeun pikeun panuduh arah.

Tapi ari kalapa di laut, enya tangkalna bisa jadi rarakitan, tapi buah kalapa di laut pasti diayun ambing ku lambak, jiga pramuka ayeuna. Pramuka loba pisan nilai positipna hanjakal can bisa dilarapkeun optimal di masyarakat. Teu beda jiga monyet ngagugulung kalapa. Nyaho di amis tapi teu bisa murakna. Teu aneh, basa jamnas 2006, aya anggota penegak anu nyolongkrong kahareupeun presiden mikeun surat menta beaya sakola. Di mana sikap mandiri pramuka nu aya dina dasa darma teh?. Najan keur SMA baheula diparengkeun karizkian kuring jeung babaturan geus diajar jadi loper koran, diajar nyablon, nyitak buku, malah bisa mere kursus komputer najan teu boga komputer. Ari teori make sanggar, waktuna praktek ngingkig babarengan ngarental.

Barudak kiwari teu boga rasa agul jadi anggota Pramuka eleh ku budak sakola nu jadi artis sinetron. Jadi pamaen sinetron leuwih dipikareueus batan prestasi di Pramuka.

Aki kuring anggota pandu wreda, nepi ayeuna teu daek disebut pramuka, leuwih reueus disebut pandu nu murni nerapkeun ajaran Bodenpowel. Anjeunna baheula anggota “Nederlands-Indische Padvinders Vereeniging”, asli didikan pandu walanda.

Aki nu ayeuna umurna geus 94 taun, basa ku kuring ditanya “aki Alhamdulillah diparengkeun panjang yuswa, naha aki sadidinten ngajalankeun prinsip hirup pandu? “. Aki ukur ngawaler “ah heunteu.. nu penting mah ulah eureun ngarenghap.. pek wae cobaan mun teu kuat ku eungap pasti hoss..”.

– haturan kangge Aki Akwan Reksodipoero, wilujeng milangkala pandu/pramuka nu ka-45.

Dimuat dina Kuma karep | Leave a Comment »