Tepas pangriungan…

Teu kapikiran, tagline na naon ?

Kawijakan Ekonomi Karahayatan Liwat BLT

Posted by guriang7 on August 5, 2008

Taun 1938, kurang leuwih 6 bulan sautas perang  china, Jepang meunang bancang pakewuh. Nyaeta ekonomi nagara nu mimiti acak-acakan. Kabutuhan hirup pating terekel naek. Anu dagang kabutuhan sapopoe, sabangsaning beas, sayur, bungbuahan teu pati payu lantaran ampir-ampir teu kabeuli. Nu dagang perkakas oge kitu. Atuh nu dagang goyobod euweuh nu meuli lantaran di jepang euweuh nu dagang goyobod. Kitu deui nu dagang putu, surabi, karedok leunca, sabab euweuh nu melak leunca di jepang.

Atuh kumaha pamarentah Jepang nungkulanna. Pamarentah nyieun kawijakan nyaeta “pamarentah kudu ngarojong usaha rahayat nu saluyu jeung potensi rahayatna”. Salah sahijina industri mobil jeung elektronik. Pamarentah jepang malah nyieun pabrik khusus ngawangun sasis mobil. Eta sasis dijual ka suwasta ku cara murah. Atuh pagawean pabrik suwasta kudu ngalengkepan mesin katut karoseri. Hasil tina pamikiran harita bisa ditingali kiwari, Jepang ayeuna ngajago di dunya industri otomotip jeung elektronik.

Pon kitu deui china, anu ngawangun industrina ti taun 50-an. Saprak China ngagabung ka WTO taun 2001, China beuki maceuh dina urusan industri utamana nu make bahan palastik, karet jeung beusi. Najan produkna teu alus-alus pisan tapi kawijakan pamarentah nu ngarojong industri nu basisna ka potensi rahayat estuning bisa ngaronjatkeun ekonomi China. Nu matak teu aneh di China, blok mesin motor, stang, ban dihasilkeun ku pabrik nu sipatna home industri.

Nu kitu meureun nya nu disebut ‘Ekonomi Kerakyatan’ teh. Atuh kumaha di Indonesia ? Ekonomi Kerakyatan teh sakadar teori omongannu dijual ku politisi geuning.

Tapi ulah su’udzon ketah, Pamarentah urang oge diajar tina pangalaman Jepang jeung China. Nyaeta nyieun kawijakan ngaronjatkeun ekonomi rahayat nu dumasar kana potensi rahayat. Minangkana mah ekonomi kerakyatan tea. Kawijakan nu mana tah ?

Kawijakan nu dimaksud teh nyaeta ‘BLT’ (Bantuan Langsung Tunai). Pamerentah ningali potensi nu gede di indonesia, nyaeta Jajaluk. Bongan, bongan dicontoan ku pamarentah nu resep jajaluk ngeclok ka I EM EP. Kacida teuing SBY.

Posted in Kuma karep | No Comments »

Leptop keur DPR, kunaon heunteu ?

Posted by guriang7 on April 6, 2007

Geus geunjleung deui di DPR urang. Ayeuna nu jadi bukur catur teh urusan Leptop. Kabeh milu mairan, ti mimiti koran lokal, nasional, tipi, tur nepi ka blog. Atuh kuring oge ayeuna pipilueun milu nulis urusan leptop DPR. Naha atuh ? sabab mun nulis sual Rusdi Jeung Misnem, mending meuli we bukuna, teu kudu cape nyieun blogs.

Sautas dipikir jero-jero, dibeuweung diutahkeun deui, sabenerna meuli leptop nu hargana nepi 21 juta, keur anggota dewan teh estuning PENTING. Naon sabab ?

  1. Anggota dewan teh, mangrupa anggota nu terhormat, piraku browsing di internet make komputer kacangan. Komo bari jeung ceting make mIRC, mun teu make leptop moal katingali ku batur ceting yen nu ceting teh anggota nu terhormat tea.
  2. Anggota dewan teh mangrupa VIP. Jadi mun asup situs internet asa teu hade mun teu make leptop, bisi web admin teu nyaho yen nu ngakses teh mangrupa jelema VIP.
  3. “DPR oge jelema” ceuk seurieus mah. Daripada keur rapat dewan katempo teuing sare, saheunteuna layar leptop bisa dipake mindingan beungeut bari angger bisa sare.
  4. Neupi ayeuna can asa fasilitas umum nu bisa ngarojong dewan, samisal “Rental Komputer Khusus Anggota Dewan”.
  5. Leuwih hade mangmeulikeun leptop dari pada mesin tik. Coba wae bayangkeun mun anggota dewan rapat bari mekel mesin tik, karbon jeung stensil. Sajaba gandeng ku sora mesin tik, rapat bakal riceuw ku silih injeum tip-ex jeung koresilaks. Sajaba ti eta teu kacipta engke mun kaluar ti gedung MPR anggota dewan balik bari beungeut ramehong hideung ku karbon.

Bisi hayang apal situs nu sok diakses ku anggota dewan nu terhormat, tah kuring boga conto gambarna. Pek wae tuturkeun rambat ieu… mun hayang atra, klik katuhu tuluy pilih muka dina jandela/tab anyar.

ieu sekrinsut tina situs-situs khusus nu ukur bisa diakses mun make leptop.

Tah ieu situs google khusus DPR

 

Akibat teu make leptop, nyusahkeun !eusi imel dina yahuu!

Posted in Kuma karep | 5 Comments »

Syukuran Tujuhwelasan

Posted by guriang7 on August 18, 2006

Mang Ino urang Ciendog, pagawean dagang endog di pasar inpres. Daganganna sajaba ti endog hayam nagri, hayam kampung, endog meri oge endog puyuh. Unggal poe pabeubeurang mayar retribusi pasar. Ari isuk-isuk sabada dadasar, geus nyetor duit kaamanan ka jeger pasar sarebu perak. Jang Suud, pituin Cibodas, diparengkeun meunang ngojeg di parapatan komplek imah elit di Bandung. Unggal poe nambangan, nganteurkeun langganan ka tujuan, boh kantor, pasar atawa ka sakola. Unggal pabeubeurang, sabada nganteur-nganteur budak sakola nyetor duit kaamanan sarewu limaratus perak sapoe ka pulisi nu matuh ngaliwat ka komplek.

images5.jpgCep Robi pangusaha kontraktor bangunan. Geus sapuluh tahun kabagaean ngabangun jalan, jambatan, sd, proyek ti pamarentah. Unggal taun Cep Robi mayar pajeg. Taun ieu keur nganggeuskeun proyek jambatan Cihuni. Memeh dibayar duit proyek cep Robi sok misah-misah duit dina amplop coklat, keur komite nu ngurus keuangan nagara sapersen, Pajabat nu nyieun komitmen salapan persen, muatan-muatan sabangsanin administrasi tujuh persen. Sakapeung sok nyiapkeun duit pikeun taki-taki bisi aya nu ngaku-ngaku wawakil rahayat –padahal manehna teu milih eta wawakil– mariksa pagawean ngawangun jambatan. Sok asa waas mun teu diongkosan balikna, sieun nambah pagawean di komisi wawakil rahayat. Der jadi bahan rapat komisi kuriak panjang dongeng loba persen.

Basa Tujuhwelasan kamari –taun 2006–, alhamdulillah, Mang Ino, jang Suud, Cep Robi, merdeka sakedapan mah…. Teu mikiran retribusi, teu mikiran duit kaamanan, teu mikiran ongkos-ongkos proyek. Nimat dahar, nikmat sare, tiis ceuli herang mata. Teu aya nu majeg mang ino pedah meunang balap karung bapa-bapa sakampung. Teu kudu mayar duit kaamanan, najan Jang Suud meunang sapatu dina balap naek jambe. Pon kitu deui Cep Robi teu pusing ku persan persen abong juara harepan lomba karaoke saerwe.

Bangsa nu merdeka

Ceuk Bung Karno, nandeskeun yen ciri bangsa nu merdeka teh upama geus “Berdikari ekonomina, nanjeur budayana, mandiri pulitikna”. Ekonomi urang ayeuna jauh tina sifat berdikari, piraku we nyusun anggaran nagara kudu disaluyuan ku I em Ep. Naon maksudna pripatisasi, mun lain usaha pikeun ngawasa usaha-usaha nagara nu potensial ku pihak asing.

Kitu deui jeung budaya urang. Ciuman nu saukur dina tipi geus jadi ilahar pikeun barudak ngora. Jigana bobogohan mun teu nyium teh panasaran. Palentin, geus jadi bukur catur ti puluhan taun katukang ngondang polemik nu teu anggeus. Taun kamari, basa balik ngantor naek angkot sagigireun aya barudak ngora keur ngomongkeun acara helowin. Gusti… jurig nu biasana dititah nyingkah –kasabarang ka palembang– singhoreng ayeuna mah dipieling barudak, hayang jiga jurig.

Pulitik di nagara urang oge teu mampuh nanjeurkeun jati diri pulitik Indonesia nu mandiri. Loba kawijakan-kawijakan interen nagara urang nu diprotes ku nagara sejen. Ti mimiti urusan timor timur, papua, hukuman pati Tibo, abu bakar baasyir, jrrd.

Peuting basa tujuhwelasan, geus matuh botram jeung tatangga, ngariung syukuran dipingpin ku erwe make sepeker. Kurunyung si Ema mawa kupat jeung kari hayam. Ceuk kuring ka ema “Ma.. naha jiga lebaran make kupat, geuning tumpengna mana ?“.Ema ukur ngawaler “Geus merdeka sujang, deuk dahar mah naon bae moal moal diudag ku walanda atawa ku nipon“. Sapeutingan mah suka bungah jeung tatangga balakecrakan nikmat pisan, Kupat ditukeuran jeung sangu liwet meunang Ceu Ati, ase cabe ditukeuran jeung goreng asin ti pa RT. Ceker hayam diagehkeun keur si manis ucing bikang nu hideung meles… merdekaaa manis..

Posted in Kuma karep | No Comments »

Strategi pikeun PERSIB sangkan juara

Posted by guriang7 on August 15, 2006

Wasit goblogg…. wasit goblogg…. angger ari geus nyarekan wasit teh. Hariwang mun ningali PERSIB maen, seug teh eleh, salian ti wasit digoblog-goblog, barudak sakola, ibu-ibu nu balanja, pagawe, teu jongjon, sok gancang muru balik sieun kapegat ku bobotoh.

108persib.gifLiga Indonesia taun kamari, prestasi PERSIB estuning nguciwakeun.  Atuh naon sakuduna nu dipilampah PERSIB, supaya bisa ngaronjatkeun prestasi sangkan bisa jadi juara. Konci utama aya dina stratehi. Sanggeus dipikir-pikir, Bandung teh ngabogaan tatali bathin nu kuat jeung walanda. Jadi asa kurang pas mun palatih PERSIB teh Arcan Iurie anu urang Moldova tea.

Kamari ngingkig ka walanda make sendal oge nepi ngan kudu diuk dina korsi kapal terbang. Ngahaja taya lian deuk neang babaturan Olabh Van de Boregh. Manehna pelatih walanda, baheula ngalatih Ajag — lain AJAX  matak omat ulah aya nu nyoba-nyoba neangan ieu ngaran, boh dina gugel, yahu, jsbe, komo ngahaja indit jiga kuring, moal kapanggih sabab euweuh ngaran eta. Ceuk meunir Olabh nu bapa na kungsi cicing di Bandung, PERSIB kudu ngamangpaatkeun stratehi kumpeni basa ngajorag indonesia. Stratehi nu bisa dipake nyaeta:

  • DEVIDE ET IMPERA.

Stratehi pecah belah atawa pulitik adu domba. Ieu stratehi ampuh kumpeni ku jalan misah-misahkeun kakuatan musuh. Mun perlu papada baturna diadukeun ku jalan mere isu-isu pulitik. PERSIB bisa ngalarapkeun stratehi ieu, contona: Yaris kudu bisa ngadeukeutan kiper PSIS bari ngaharewos, “kang kabogohna kamari kapanggih pakaleng-kaleng jeung tangkal duren”. atawa deukeutan striker persija, harewoskeun bae “tong daek deukeut jeung si ortisan , keur kababayan bau…”.

Cara sejen nyaeta, kusabab ngarana pulitik adu domba, kabeh bek PERSIB kudu bari nunungtun domba, sugan moal aya nu wani deukeut-deukeut ka gawang PERSIB sabab sieun disuruduk domba. Mun euweuh domba, nya pulitik adu dogong bisa dipake. Pelatih nu cocok pikeun stratehi ieu nyaeta Adeng Hudaya, nu asli urang cikandang garut, tangtos anjeunna tos uninga kana urusan ngurus….. domba (hampura ulah ngambek mang).

  • JALAN RAYA POS DAENDELS

Basa Daendels nyieun proyek Jalan Raya Pos ti Anyer - Panarukan taun 1808 (harita mah euweuh nu paboro-boro ngudag proyek, jiga anyeuna). Daendels ngandelkeun mobilisasi rahayat sapanjang anyer-panarukan, dina jero sataun jalan leuwih ti 1000 KM geus jadi. Ku kituna PERSIB bisa nyonto ieu stratehi Daendels. Carana, kabeh pamaen ngajajar ti gawang sorangan nepi ka gawang musuh, atawa disebut ku pola 1-1-1-1-1-1-1-1-1-1-1. Salian ngagampangkeun proses komunikasi antara pamaen, pamaen oge teu cape lumpat sabab kabeh pamaen ngantai.

  • CULTUUR STELSEL

Gupernur jendral Van Den Bosch nekenkeun Cultuur Stelsel ti taun 1830 - 1870. Inti tina cultuur stelsel nyaeta, pajeg rahayat keur kumpeni ceuk sakaol mah disebutna ‘ngareding’. Pikeun PERSIB, stratehi ieu lain pagawean jore-jore, ieu pagawean kawilang bangga. Kahiji PERSIB kudu boga marketing nu gawena ngajualan barang ka pamaen-pamaen kleub sejen ku jalan dianjukkeun. Marketing teu kudu nagih eta nu nganjuk, antep bae. Dina prung waktuna tanding, pamaen PERSIB dibekelan cutatan anjukan pamaen lawan. Terus sina nagihan anjukan pamaen lawan istilah elitna mah debt kolektor. Dijamin pamen lawan absen kabeh sabab sieun ditagih. Kusabab lawan pamaenna absen, tinangtu pertandingan jadi bolay alias WO.

Tah eta stratehi haratis ti kumpeni. Sanajan kitu taktage ka PERSIB poma ulah coba-coba ngalarapkeun eta stratehi sabab can tangtu bisa dipake, kunaon ?. Stratehi Devide et impera bakal ngabangkrutkeun tukang dagang domba di garut. Jeung BLI can tangtu satuju domba miluan maen, sabab di makasar, di semarang, surabaya can tangtu boga domba adu pikeun ngalayanan PERSIB.

Stratehi Daendels najan lohis tapi minculak, sabab maenya deuk mengbal jiga deuk maen tarik tambang !. Pon kitu deui jeung stratehi cultuur stelsel, tangtu PERSIB bakal di demo ku tukang kiridit ti tasik, sabab geus ekpansi kana ladang usaha sejen. Kawas nu euweuh deui pagawean….

Posted in Kuma karep | 3 Comments »

Ooooo…. Euhmmm….

Posted by guriang7 on August 15, 2006

pangandaran10a.jpg Reporter : Cobi manawi eeuu… bapa tiasa ngajentrekeun waktos ngalaman tsunami ?

Nu diwawancara : Janten kieu neng, harita bapa nuju maraban munding, ti kaler emana barudak lulumpatan bari cocorowokan… aya lambak, aya lambak, caah… caah.. caahh.. lini.. lini tulung, sunamiiii…. ah pokona sagala musibah disebut we neng.

Reporter : euhhmmm…

Nu diwawancara : teras wae abdi oge ngiring lumpat neng, teu emut ka si layung mah

Reporter : Oooo..

Nu diwawancara : eneng terang teu si layung ? muhun eta munding abdi nu nuju diparaban tea.

Reporter : euhmmm… kitu nya (bari lempeng)

Nu diwawancara : abdi teh, teras we lumpat neng sakalumpat lampet, paudag-udang jeung emana barudak. Untung harita barudak nuju aya di ninina di garut, janten aman teu kua-kieu, ngan munding tujuh neng hawatos kacandak palid.

Reporter: euhmmm… (masih lempeng)

Nu diwawancara (bari hemeng lantaran si eneng reporter ukur euhmm… jeung ooo…, tungtunga dihajakeun) : tah janten barudak mah teu kua-kieu tapi abdi neng kutu kuya…

Reporter : euhmm…… (beuki tarik euhmmmm na teh)

Nu diwawancara: basa bapa kabanting ku caah, saleresna suku bapa nu kenca teh nuju ateul pas bade digaro pisan. bapa kabanting, suku teh potong neng, ayeuna duka dimana eta suku kenca teh.

Reporter : Ooooo…

Nu diwawancara: ayeuna ku bapa deuk dipilarian neng, lebar mangkaning deuk digaro eta suku kenca teh neng (bari rada keuheul !), tah neng oge kan mungpung aya di tipi, bapa amanat ka munding, sing sabar wae mun… ulah barang hakan nu lian-lian sabangsaning kuya batok, berenuk, botol inuman, sabab can tangtu bisa dihakan da bapa oge nu ngangon hidep teu bisa..

Reporter: ehmmm…

Nu diwawancara (garo-garo teu ateul ningali reporter geulis bahenol ukur euhmmm jeung oooo…)

Reporter: muhun kitu wae abdi neng mencrang ngalaporkeun ti pangandaran pikeun tipi nu maneuh tea.

Lain sapira

Perkara Oooo… jeung euhmmm… si eneng teh sabenerna lain perkara sapira. ieu mah conto leutik nu sempet katitenan basa nongton warta dina salah sahiji tipi suwasta. Lain hiji dua reporter tipi urang mun ngawawancara ukur bisa ngomong euhmmm atawa Oooo…. ceuk teori konseling mah dina elmu psikologi, eta nunjukeun yen nu nanya sabenerna kurang nanggepan nu ditanya. Ngarespon sahayuna wae alias ‘ala kadarnya’, asal disada ambeh teu katempo cicing teuing. Boa teuing ngarti boa henteu. Teu ngajiwaan naon nu keur didongengkeun ku nu diwawancara. Ngawawancara ukur ngudag target pikeun meunang berita. Peunteun pikeun bobot berita najan kawilang lumayan atawa aktual, hanjakal kualitas repotasena nguciwakeun.

oprah.jpgMun seug nongton wawancara Oprah, coba wae titenan ku urang cara manehna ngawawancara. Oprah kaasup carang, malah dina lolobana tara ngagunakeun kecap ehmmm… atawa ooo… pikeun nanggepan omongan nu diwawancara. Oprah loba make kecap “I see” atawa “you must be kidding”, atawa “Not joking !”, atawa oge “amazing.. and you can survive right?”… mun ditarjamahkeun bebas na mah kieu meureun “kaharti, kaharti pisan…” atawa “wah… heureuy siah, tong heureuy bisi dicekek…”, “baleg yeuh, tong ngawaduk teu nyaho kuring mantan jeger..!”, atawa oge “edan oge maneh cacakan beungeut mah jiga nu bodo, tapi… belegug…” kitu meureun eta oge.

Naha ukur reporter tipi eta wungkul,.. ih sok suudon ari taeun teh !, artis oge aya nu nanggepan kawijakan sahayuna. Nolak RUU anti pornografi lantaran teu panuju kana eusina tapi panuju yen pornografi kudu dileungitkeun. Atuh ari teu panuju eusina mahgampang ari kitu mah, protes we atuh make judul “Revisi deui RUU APP”. Apan beda kecap nolak jeun revisi, jadi antara pola pikir jeung ucapan teu patukang tonggong. Ieu oge nunjukeun yeun Oneng cs. nanggepan situasi sahayuna wungkul, ukur mikirkeun cara ngabolaykeun tapi teu neangan solusi. Sajaba ti artis tur reporter tadi, aya oge kawijakan pamarentah nu dijieun sahayuna teu mikirkeun balukarna pikeun kahareupeun. Ti mimiti dana subsidi langsung anu ngondang polemik. Naha enya eta duit 300 rebu teh bakal bisa ngadorong hirup huripna rakyat kahareupna ?, Naha ngajamin bakal dipake keur modal, teu kana kabutuhan poko ?, nepi iraha, jrrd. Atawa soal UAN anu patukang tonggong jeung KBK. Ongkoh kompetensi siswa dironjatkeun ku jalan sakola kudu ngarojong kompetensina. Ari kompetensina dina basa atawa sastra tapi kalulusana ditangtukeun ku matematik. atawa sabalikna, kompetensina dina IPA tapi teu lulus alatan basa inggris balelol. Ibarat nitah kuda lumpat, tapi buntutna ditalian. Kawijakan-kawijakan nu model kitu pabalatak di nagri urang. Ningalikeun yen sabenerna kawijakan teh teu soson-soson dipikiran ku pamarentah. Mun serieus dipikiran, naha kasus model UAN, jeun nu sejenna bisa kajadian ?

Mun didinya nanya ka kuring, “naha atuh lain kuring nu nyieun kawijakan atawa nu mikiran ?”. Sabab mun kuring nu nyieun kawijakan, pamarentah can tangtu bisa ngurus blog ieu, lebar geus mah blogs teh eusina pabalatak teu puguh ke tambah acak-acakan. Jeung barina oge can tangtu bisa ngeusiana sabab, najan IT geus dikekeprak ka pamerentah-pamarentah daerah ngaliwatan sumanget e-government tea, tapi e-gov pikeun pemda depinisina karek nepi ka website. Blog mah can ka agehan dina DUP/DIPA na. Atawa bisi aya nu deuk meupeuskeun rekor web site 2 miliar, tah ayeuna nyieun blog 2 miliar… pek ah moal miluan.

Posted in Kuma karep | 3 Comments »

Milangkala Pramuka Ka-45

Posted by guriang7 on August 15, 2006

lambang gerakan pramukaTanggal 14 Agustus 2006 mangkukna, mangrupa tanggal karamat pikeun gerakan kapramukaan di Indonesia. Dina tanggal eta sakabeh orhanisasi pandu sa-Indonesia, tungtunga ngikrarkeun diri pikeun ngahiji dina hiji iketan kapanduan anu dibere ngaran (Praja Muda Karana).

Lambang pramuka mangrupa kitri (sirung kalapa), naon pangna kitri dipilih jadi lambang pramuka, ceunah yen kabeh bagean tina kalapa loba mangfaatna, mimiti tina akar, buah na, batok kalapa, tapas, daun kalapa, tur nyere na. naon atuh nu jadi harepan sabenerna ti pramuka ? nyaeta taya lian ti guna pramuka nu jiga kalapa, ti handap nepi ka luhur. Tapi naha enya pramuka geus boga mangfaat jiga kalapa ? pikeun dirina mingkin bae tapi di mana peran Pramuka saenyana?

Kiwari Pramuka lir maung tanpa sihung. Baheula jaman kuring keur budak, nu ngarana kagiatan pramuka teh bener-bener di udag ku barudak. Milu Pramuka teh loba resepna, jeung jadi Pramuka harita mah diajenan ku budak sejen nu teu milu Pramuka. Eta baheula, basa kuring SD tur nepi SMP. Kuring SMA taun 90, mimiti ningali ajen Pramuka mimiti turun. Eta geus katingali, ku ayana gerakana Pramuka nu paksakeun. Naon cirina ?

  1. Mimiti ti budak sakola nu kudu make baju pramuka unggal poe jumaah sanajan lain anggota Pramuka. Padahal Pramuka mah mangrupa gerakan nu sifatna suka rela. Naha atuh beut kudu dipake? bisa jadi alabatan kawijakan bisnis sakola, soal kaen. Untung tina jualan kaen keur baju sakola matak uruy pikeun sakola mah.
  2. Pramuka teu independen sakumaha cita-cita boden powell. Dina acara-acara Pramuka, sakapeung aya Pramuka kajajaden, nyaeta pejabat-pejabat nu ujug-ujug make baju Pramuka tuluy ngaresmikeun acara. Hal ieu pikeun kuring teu leuwih ti kapentingan pulitis pejabat (atawa pramuka ambeh gampang meunang dana). Duka teuing ari pejabat nu di simpen dina posisi penting dina struktur Kapramukaan aya kapentingan pulitis? teuing ah etana pek bae jadi pikiraneun pangurus kwarnas/kwarda. (pananya kuring teu kudu ditanggepan, pek wae nulis blog sorangan soal eta deuk protes oge kajeun).

Pramuka leungiteun arah

Lord Bodenpowel Ceuk saha ? ah eta we tingali tina lambangna. Lambang Pandu/Scout di nagara sejen mangrupa anak panah kompas. (enya emang lambang scout arab tangkal kurma, tapi wangun rupana jiga panunjuk arah). Artina yen scout kudu jadi pamandu arah pikeun nu sejen. Arah beberan, arah kaadilan, arah kamerdekaan, arah perjuangan, sakabeh arah pikeun nanjeurkeun beberan. Kukituna scout atawa pandu sorangan kudu ngabogaan arah, artina ngabogaan jati diri. Coba wae deuk di darat, di laut, di alak paul, kompas dibutuhkeun pikeun panuduh arah.

Tapi ari kalapa di laut, enya tangkalna bisa jadi rarakitan, tapi buah kalapa di laut pasti diayun ambing ku lambak, jiga pramuka ayeuna. Pramuka loba pisan nilai positipna hanjakal can bisa dilarapkeun optimal di masyarakat. Teu beda jiga monyet ngagugulung kalapa. Nyaho di amis tapi teu bisa murakna. Teu aneh, basa jamnas 2006, aya anggota penegak anu nyolongkrong kahareupeun presiden mikeun surat menta beaya sakola. Di mana sikap mandiri pramuka nu aya dina dasa darma teh?. Najan keur SMA baheula diparengkeun karizkian kuring jeung babaturan geus diajar jadi loper koran, diajar nyablon, nyitak buku, malah bisa mere kursus komputer najan teu boga komputer. Ari teori make sanggar, waktuna praktek ngingkig babarengan ngarental.

Barudak kiwari teu boga rasa agul jadi anggota Pramuka eleh ku budak sakola nu jadi artis sinetron. Jadi pamaen sinetron leuwih dipikareueus batan prestasi di Pramuka.

Aki kuring anggota pandu wreda, nepi ayeuna teu daek disebut pramuka, leuwih reueus disebut pandu nu murni nerapkeun ajaran Bodenpowel. Anjeunna baheula anggota “Nederlands-Indische Padvinders Vereeniging”, asli didikan pandu walanda.

Aki nu ayeuna umurna geus 94 taun, basa ku kuring ditanya “aki Alhamdulillah diparengkeun panjang yuswa, naha aki sadidinten ngajalankeun prinsip hirup pandu? “. Aki ukur ngawaler “ah heunteu.. nu penting mah ulah eureun ngarenghap.. pek wae cobaan mun teu kuat ku eungap pasti hoss..”.

– haturan kangge Aki Akwan Reksodipoero, wilujeng milangkala pandu/pramuka nu ka-45.

Posted in Kuma karep | No Comments »